Polly po-cket
HOMUpdateAbout MeAdventure Kenangan
WELCOME TO WAP MEDIA TUTORIAL MR. SYAMSUL FAROH PRESENT
Adventure gunung sabak bersama Teman-teman

Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Tags: cerita sunda

SAWANGAN KANA AJÉN INAJÉN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDA

SAWANGAN KANA AJÉN INAJÉN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDA

(Numutkeun léksikografis, étimologis, sémantic, heurmanétik)

Aya sababaraha harti kecap Sunda nu kapanggih dina hasil panalungtikan, di antarana waé nu kacatet tina buku Drs. R. Mamun Atmamihardja (Sajarah sunda I. 1956) hasil anjeunna nyukcruk tina rupi-rupi kamus, harti kecap Sunda téh nya éta :

 

A. Dina Basa Sansakerta :

SUNDA, jangkar kecapna Sund, moncorong, caang. SUNDA, jenengan Déwa Wisnu. SUNDA, jenengan satria buta (daitya) dina carita Upa Sunda sareng Ni Sunda. SUNDA, satria wanara dina carita Ramayana SUNDA, tina kecap cuddha SUNDA, ngaran gunung di kalereun Bandung (Prof.Berg)

 

B. Dina Basa Kawi :

SUNDA, hartosna cai -SUNDA, hartosna tumpukan SUNDA, hartosna pangkat SUNDA, hartosna waspada

 

C. Dina Basa Jawa :

SUNDA, hartosna nyusun SUNDA, hartosna ngarangkep SUNDA, tina candra-sangkala hartosna dua (2) SUNDA, tina kecap ‘unda’ hartosna naék SUNDA, tina kecap ‘unda’ hartosna ngapung

 

D. Dina Basa Sunda :

1. SUNDA, tina sa-unda tina sa-tunda, hartosna tempat paré, (leuit).

2. SUNDA, tina s o n d a, hartosna alus

3. SUNDA, tina s o n d a, hartosna punjul

4. SUNDA, tina s o n d a, hartosna senang

5. SUNDA, tina s o n d a, hartosna sugema

6. SUNDA, tina s o n d a, hartosna panuju

7. SUNDA, dina sundara, hartosna lalaki kasép, tegep.

8. SUNDA, dina sundari, hartosna awéwé geulis

9. SUNDA, dina sundara, jenengan Déwa Kamajaya

10.SUNDA, hartosna éndah.

Upami dietang kecap Sunda téh numutkeun papayan étimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanésna, upami baé dina kamus Basa-Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya éta ‘Kacida pisan éndahna tur héjo ngémploh’ (Viviane Sukanda Téssiér, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).

1. SUNDA, jangkar kecapna sund (bandingkeun sareng sun- B.Inggris nu hartina panonpoé), caang, moncorong, cahayana maparin sumber kahirupan keur sakumna mahluk.

2. SUNDA, jenengan Déwa Wisnu. Dupi pancén Wisnu téh nya éta miara alam dunya. Yén tugas Sunda téh ‘miara Alam’. "Héh manusa, ulah nyieun karuksakan anjeun di bumi", kitu pidawuh-Na

3. SUNDA, satria buta (daitya). Conto dina pawayangan nu disebat détya, nya éta Gatotkaca (putra Bima sareng Arimbi). Gatotkaca téh mibanda pasipatan nu kalintang saéna teguh tanggoh tur nyatria, gedé tanaga tur luhur panemuna, lébér wawanén dina mancegkeun bener jeung adil.

4. SUNDA, satria wanara. ‘wana’=leuweung, ‘ra’=jelema nu hadé. Tegesna jelema nu hirup di pileuweungan, di pahumaan. Pasipatanana: tara kuuleun, resep digawé, tangginas. pro aktif, aktif-kréatif (rancagé) tur dinamis (binékas, binangkit).

5. SUNDA, tina kecap ‘cuddha’, tegesna putih. Kecap ‘putih’ dina basa Sunda 'clik putih, clak hérang' = beresih pisan, wening, sétra. ‘Lemah putih’ = uteuk nu beresih. ‘Ati putih’, teu goréng sangka, henteu suudon.

6. SUNDA, ngaran gunung nu kacida luhurna di antara G. Burangrang sareng G.Tangkubanparahu, nalika jaman saméméh aya Talaga Bandung. Ma'na kecap ‘gunung’ dina rasa Sunda, nuduheun hal nu gedé, sapertos baé dina rumpaka "Papatét" pangrajah dina bubuka ieu makalah. 'Gunung tanpa tutugan' sok aya nu ngahartoskeun lambangna Kaagungan Alloh nu taya wates-wangenna. ‘Gugunungan’, lambang jagat ageung sareng jagat alit nu pinuh ku rahmat Alloh SWT. Ku kituna tétéla Sunda téh ngandung sipat nu luhung, luhur.

7. SUNDA, hartosna cai. Lambang subur ma'mur. Nyaho pamiangan sareng nyaho pangbalikan (siklus; laut - saab - méga - hujan - walungan - laut).

8. SUNDA, hartosna tumpukan. Numpuk tuduh nyusun ka luhur. Teges na ngandung ma'na loba, beunghar, sarwa teu kurang.

9. SUNDA, hartosna pangkat. ‘hasilna gawé, ku késang, ku élmu panemu’. Anu engkéna nimbulkeun pangajén ti batur. Pangkat téh jadi ciri ajén inajén (kualitas) manusa.

10.SUNDA, hartosna waspada. ati-ati, pinuh ku duduga prayoga, asak jeujeuhan, matang timbangan, kahareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala saléngkah. 'Waspada permana tingal", nyaho kana nu baris kasorang. Ieu téh jadi salah sawios sarat nu jadi pamingpin, nya éta ‘weruh sadurung winarah, awas waspada permana tingal’.

11.SUNDA, hartosna nyusun, henteu balatak pasolengkrah, ngéntep seureuh, puguh gékgékanana.

12.SUNDA, hartosna ngarangkep. Dina babasan 'Boga pikir rangkepan' hartosna henteu bolostrong, dipikir heula nu asak, wiwaha.

13.SUNDA, hartosna angka 2. Angka 2 (dua), ngandung siloka-sasmita nu teu kinten jerona. 'Lalawanan : panas-tiis, suka-bungah. Papasangan ; istri-pameget, siang-wengi, itu-ieu sste. Ngeunaan aworna nu dua (2), Haji Hasan Mustafa nyaurkeun; sapanjang néangan itu, ieu deui-ieu deui, sapanjang neangan bungah, susah deui susah deui,...'

14.SUNDA, hartosna naék. Kecap ‘naék’ ngagambarkeun kaayaan nu leuwih luhur, leuwih maju, leuwih hadé, leuwih positip. Kecap naék tuduh kana "pagawéan",

15.SUNDA, hartosna ngapung. 'Ngunda langlayangan',

16.SUNDA, hartosna alus. Kecap alus tuduh kana kaayaan nu dipikaresep.

17.SUNDA, hartosna punjul. onjoy atanapi aya leuwihna ti nu biasa. Punjul tuduh kana kualitas, kana préstasi.

18.SUNDA, hartosna senang. kana kaayaan batin, katumarimaan,

19.SUNDA, hartosna sugema. haté nu atoh tur tumarima, kulantaran nu diangen-angen (kahayang) kalaksanakeun.

20.SUNDA, hartosna panuju. tuduh yén nu dipigawé ku urang luyu sareng nu dipikahayang ku nu sanés.

21.SUNDA, hartosna lalaki kasép.

22.SUNDA, hartosna awéwé geulis.

23.SUNDA, hartosna éndah. tuduh kana rasa kalemesan budi (éstétika). Kecap éndah, ngandung harti/ma'na payus, pantes, alus, merenah.

24.SUNDA, hartosna Kamajaya. Dina mitologi Sunda, Déwa Kamajaya téh nya éta Déwa Cinta, nu nebarkeun rasa deudeuh asih.

25.SUNDA, hartosna panundaan (tempat nunda). Tiasa disebat ogé ‘leuit’.

Back to posts
This post has no comments - be the first one!

UNDER MAINTENANCE
Hai Sob !... Mohon Do'akan saya agar mendapat taopek serta hidayah yang menujukan kejalan yang benar, minta do'a agar saya cepat sembuh dari penyakit semua yang ada dalam tubuh ini 1 x lagi Do'anya sob semoga saya mendapatkan ilmu yang manfa'at dunya dan akhirat.
buat yang telah berkunjung ke wap media ini berilah komentar untk menujukan ke SOLIDARITASAN ente. Ane senang jika ada orang mau ber silaturahmi dan saling mengenalkan diri agar lebih dekat menjalin kekeluargaan

Intip scrip Tes script Free domain My Freenom Afraid Mail com Daptar Gmail MD5 Encryption kode html kode warna html down tex Tampilan PC pake HP

Translate This Blog
inggris.png jepang.png arab.png italia.png korea.png spanyol.png
U-ON
C-STAT
® insffo@gmail.com
© Mr. syamsul faroh
Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh