I
I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES)
Dina hakekatna digunakeunana ragam hormat teh taya lian pikeun nembongkeun rasa hormat ti nu nyarita ka nu diajak nyarita jeung ka saha nu dicaritakeunana. Ragam Basa Hormat aya dalapan rupa nya eta:
1. Ragam Basa Lemes Pisan / Luhur.
2. Ragam Basa Lemes keur Batur.
3. Ragam basa Lemes keur Pribadi / Lemes Sedeng.
4. Ragam Basa Lemes Kagok / Panengah.
5. Ragam Basa Lemes Kampung / Dusun.
6. Ragam Basa Lemes Budak.
II. RAGAM BASA LOMA (AKRAB, KASAR)
Basa loma atawa nu ilahar disebut basa Kasar, saenyana lain dina harti kasar henteu ngahormat, tapi kulantaran digunakeun pikeun komunikasi di antara anu geus wanoh, jeung babaturan ulin upamana. Ragam Basa Loma ieu teh aya dua rupa nya eta:
1. Ragam Basa Loma / Akrab.
2. Ragam Basa Garihal / Songong / Kasar Pisan.
Ragam basa anu garihal ieu mah digunakeunana teh keur ka sato atawa digunakeun ku jelma nu keur ambek pisan. "Jadi Undak Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam)."
Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM . Ieu di handap digambarkeun POLA TATAKRAMA BASA SUNDA dina tilu Tahap/Ragam tea, nyaeta:
· Ragam basa Loma / Akrab / Kasar (A)
· Ragam basa Lemes keur Pribadi (B)
· Ragam basa Lemes keur Batur / Lemes Sedeng
* Katerangan tanda: # henteu sarua = sarua.
POLA I: A # B # C
Jumlah kecap anu make pola saperti kieu kaitung saeutik pisan (k/l 25 kecap), nu sok disebut kecap lemes keur pribadi/lemes Sedeng, ieu anu ulah salah dina ngalarapkeunana teh:
- balik # WANGSUL # mulih
- bawa # BANTUN # candak
- beuli # PESER # galeuh
- biasa # TIASA # iasa
- boga # GADUH # kagungan
- dahar # NEDA # tuang
- datang # DONGKAP # sumping
- denge # KUPING # dangu
- era # ISIN # lingsem
- gering # UDUR # teu damang
- imah# ROROMPOK # bumi
- indit # MIOS # angkat
- kasakit # PAUDUR # kasawat
- menta # NYUHUNKEUN # mundut
- nitah # NGAJURUNG # miwarang
- ngomong # SASANGGEM #sasauran
- nyaho # TERANG # uninga
- pamajikan # BOJO # garwa/geureuha
- poho # HILAP # lali
- sare # MONDOK # kulem
- tanya # TAROS # pariksa
- tenjo # TINGAL # tingali
Conto kalimahna:
· Ari maneh balik ka lembur teh arek iraha..?
· Dupi abdi WANGSUL ka lembur teh bade enjing bae.
· Dupi akang bade mulih ka lembur teh bade iraha..?
Perhatikeun pisan pola di luhur:
A # B # C : A henteu sarua jeung B, B henteu sarua jeung C. Upama bae urang geus bisa merenahkeun ngagunakeun kecap-kecap nu ditulis ku aksara gede (kapital) nyaeta kecap-kecap nu kaasup basa Lemes keur Sorangan, urang geus henteu kudu salempang sieun salah nyarita ku Basa Sunda teh.
POLA II: A = B # C
Pola kadua mah nyaeta: A sarua jeung B, tapi B henteu sarua jeung C.
Digunakeunana KECAP LOMA/KASAR pikeun ka diri pribadi, pangpangna anu tumali jeung babagian awak saperti sirah, ceuli, huntu jste, eta kudu ngagunakeun kecap Loma/Kasar, contona:
- huntu = HUNTU # waos
- biwir = BIWIR # lambey
- irung = IRUNG # pangambung
- baju = BAJU # raksukan
- lalajo = LALAJO # nongton
- ngaji = NGAJI # ngaos
- nginum = NGINUM # ngaleueut
- puasa = PUASA # SAUM
- samping = SAMPING # sinjang
- ulin = ULIN # amengan
Conto kalimahna :
· Cenah kamari maneh nyeri huntu, enggeus ka dokter gigi acan..?
· Abdi kamari nyeri HUNTU numawi teu tiasa dongkap ka kantor.
· Saurna bapa nyeri waos dinten kamari teh, kumaha ayeuna parantos damang..?
POLA III: A # B = C
Pola katilu mah kecap anu digunakeun keur ka diri pribadi teh kudu sarua jeung kecap nu digunakeun keur batur. Jumlahna kaitung rada loba. Ieu keur sakadar conto:
- bungah # BINGAH = bingah
- eleh # KAWON = kawon
- kajeun # SAWIOS = sawios
- kungsi # KANTOS = kantos
- tepung # TEPANG = tepang
Conto kalimahna :
· Jang Iwan kacida bungaheunana dumeh meunang hadiah lebaran.
· Abdi kacida bingahna wireh kenging hadiah lebaran
· Ibu Aminah kalintag bingaheunana wireh kenging hadiah lebaran.
Jumlahna kaitung rada loba oge, malah karereanana mah geus arapal da mindeng digunakeun sapopoe.
POLA IV: A = B = C
Pola anu kaopat ieu mah teu kudu hese mikiranana. Nu kaasup pola nu kaopat ieu teh nya eta kecap bilangan, kecap pananya, kecap panunjuk, kecap tingkatan.
- aya = AYA = aya
- sabaraha = SABARAHA = sabaraha
- kumaha = KUMAHA = kumaha
- naon = NAON = naon
- itu = ITU = itu
- ieu = IEU = ieu
- kahiji = KAHIJI = kahiji
- kasapuluh = KASAPULUH = kasapuluh
PANGJANGKEP TATAKARAMABASA
Ngagunakeunana Tatakrama Basa Sunda (UUBS) henteu lesot tina unsur nu ngarojongna, nya eta:
- Lentongna nyarita (gaya nyarita, intonasi).
- Pasemon.
- Rengkuh (gerakna awak).
- Tata busana.
Tapi nu jadi dadasar utama dina Tatakrama Basa mah nya eta itikad atawa kaweningan hate nu nyaritana. Kalemesan budi jeung rasa kamanusaanana. Hal ieu mah saenyana di luareun aspek basa. Tapi kacida nangtukeunana kana luhur-handapna ajen kamanusaan. Tatakrama raket tumalina jeung adat kabiasaan. Ku kituna dina ngagunakeunanana oge tangtu bae kudu nitenan kana adat kabiasaan di wewengkon masing-masing.
KAGUNAN (FUNGSI) BASA
Digunakeunana basa sabage alat komunikasi teh tangtu bae aya maksud jeung tujuanana, di antarana bae nyaeta:
CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA
Ngagunakeun tatakrama basa Sunda tangtu bae hasil tina diajar. Carana di antarana nya eta:
Di masarakat mah kamampuh ngagunakeun Basa Sunda, pangpangna ngagunakeun Tatakrama Basa (UUBS) kacida pentingna. Kapan aya paribasa: Hade ku omong goreng ku omong. Basa mah henteu meuli. Basa mah leuwih seukeut tibatan pedang. Aya paribasa Arab: "Kuli lisani bil Insani" anu hartina "Tambah loba basa anu urang bisa, tambah luhur niley kamanusaanana".
Nurutkeun hasil Konferensi Internasional Budaya Sunda I (KIBS I) di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut, ditetepkeun yen Tatakrama Basa Sunda teh (UUBS) ngan aya dua Ragam / Tahap nyaeta :
Kitu hasil putusan KIBS I jeung KBS VII teh. Tapi tangtu bakal aya bae masalah nu disanghareupan mah, di antarana nyaeta kumaha bahan ajarkeuneun di sakola-sakola, da kapan ari di sakola mah tetep kudu ajeg dina palanggeran anu normatif. Ngan nu tetela ku kitu ku kieu ari Basa Sunda mah tetep kudu dipiara jeung digunakeun.