80s toys - Atari. I still have
HOMUpdateAbout MeAdventure Kenangan
WELCOME TO WAP MEDIA TUTORIAL MR. SYAMSUL FAROH PRESENT
Adventure gunung sabak bersama Teman-teman

Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Syamsul Faroh
Tags: bahasa sunda

Kandaga Kecap

A. Bahan Kandaga Kecap 1. Kecap, dipasing-pasing jadi sababaraha golongan, diantarana: 1.1 Kecap Panganteur: am dahar biur ngapung cong nyembah blok bahe brus mandi celengok nyium bray caang dug sare cer kiih deker digawe gedig indit hing ceurik clik murag gewewek ngegel gaplok nyabok jedak diadu jedug tidagor kuniang hudang lek neureuy lep teuleum nyel ambek rengkenek ngigel sebrut narajang terekel naek segruk ceurik lar ngaliwat paralak hujan …………………………………….. jeung sajabana.

1.2 Ngaran-ngaran (sawareh geus teu praktis deui dina kahirupan sapopoe, maksudna tara dipake dina obrolan) (1) Anak sasatoan: anak anjing = kirik/kicik anak bagong = begu/bedul anak bandeng = nener anak banteng = bangkanang anak buaya = bocokok anak belut = kuntit anak bogo = cingok anak deleg = boncel anak entog = titit anak embe = ceme anak gajah = menel anak hayam = ciak anak japati = piyik anak kancra = badar anak keuyeup = bonceret anak kuda = belo anak kukupu = hileud anak kutu = kuar anak lele = nanahaon anak lauk = burayak/kebul/belo anak lubang = leungli anak maung = juang/aom anak monyet = begog anak munding = eneng anak jelema = orok anak reungit = utek-utek anak sapi = pedet anak ucing = bilatung

(2) Kekembangan alewoh = kembang waluh jelenggut = kembang cikur angkruk = kembang jeruk jantung = kembang cau ancal = kembang bolang karuk = kembang jambu batu ancul = kembang eurih lenyap = kembang jambu aer badaus = kembang tiwu mayang = kembang jambe badul = kembang koneng merekenyenyen = kembang jengkol bosongot = kembang bako moncorong = kembang terong bolotok = kembang cabe olohok = kembang kadu bubuay = kembang hoe pendul = kembang peuteuy cacas = kembang lopang pencenges/men = kembang cengek curiwis = kembang kaso pelepes = kembang kulur dingdet = kembang sampeu pengit = kembang leunca gelenye = kembang genjer pengis = kembang kawung ingwang = kembang gedang punting = kembang jotang jamotrot = kembang laja rinduy = kembang muncang jalinger = kembang jaat ringsang = kembang pare suligar = kembang kalapa uceng = kembang tangkil seleksek = kembang limus uing = kembang jarak sedek/gojod = kembang salak ulated = kembang bawang tela = kembang boled eumreuk = kembang sawi comrang = kembang honje

(3) Kandang/Tempat Kandang hayam/domba/embe = paranje Kandang japati = pagupon Kandang kuda = istal = gedogan Kandang/tempat lauk = buleng Kandang maung (sato galak) = karangkeng / garogol Kandang munding = pakandangan / karapyak Kandang manuk = kurung

(4) Tukang/Patukangan bahasa sunda anjun = tukang nyien parabot tina taneuh bujangga/sastrawan = tukang nyieun/nulis carita candoli = tukang ngajaga pabeasan di nu hajat gending = tukang nyieun parabot tina kuningan kabayan = tukang dititah ka ditu ka dieu kamasan = tukang nyieun perhiasan tina emas/perak kuncen = tukang ngurus kuburan legig = tukang ngasruk dina pamoroan malim = tukang meruhkeun sasatoan galak maranggi = tukang nyieun kandean/sarangka keris nyrawedi = tukang ngagosok permata pakacar = tukang ngladenan/bujang tukang paledang = tukang nyieun parabot tina tambaga palika = tukang teuleum pamatang = tukang moro ngagunakeun tumbak pamayang = tukang ngala lauk di laut panday = tukang nyieun parabot tina beusi paneresan = tukang nyadap paninggaran = tukang moro nu sok make bedil sarati = tukang ngusir/meruhkeun gajah

(5) Parabot/Pakakas Arit = parabot paranti ngala jukut/pare Ancun = paranti ngakut ese kacang Balincong = pakakas paranti nugar Parang = paranti ngababad jujukutan dina galeng Sundung = paranti ngawadahan jukut upama tas ngarit

(6) Ngaran-ngaran parabot nu aya palina jeung dapur: aseupan - ayakan - boboko - cecempeh – cukil - cewo – coet – dulang – gayung/siwur – halu – jodang – jubleg – kalo – kastrol – katel – kendi – kukuran – lodong – lulumpang – nyiru – pangarih – parako – parud – piring – poci/teko – rantang – said (boboko gede) – sangrayan – seeng – sendok – sosorok – sinduk – songsong – talenan – tetenong – tolombong.

1.3 Kecap Jembar jeung Kecap Husus Kecap jembar maksudna kecap nu ambahanana lega atawa ngawengku sawatara hal, saperti: mawa, ngumbah, kandang, tukang, kembang, ngala, anak, sok disebut oge miboga harti umum. Kecap husus nyaeta kecap anu ambahanana heureut atawa husus, contona : ngelek, sibeungeut, istal, kamasan, jst. a. Tina harti umum (jembar) mawa: nanggung nyuhun ngelek ngagandong ngajingjing ngagembol nogencang ngagotong ngakut manggul

b. Tina harti umum ngala: mipit ngundeur metik dibuat mupu naruk nekrok ngajul

c. Tina harti umum ngumbah Sibeungeut – ngisikan – nyeuseuh – sibanyo - mandi 1.4 Kecap nuduhkeun panganteb/kaayaan/sipat beureum mani euceuy bodas mani nyacas hejo mani ngagedod hideung mani cakeutreuk hideung mani lestreng koneng mani enay

Nuduhkeun rasa: amis mani kareueut haseum mani ngadengil lada mani newewet/segak pait mani molelel panas mani nereptep tiis mani camewek seungit mani melenghir/meleber bau mani meledos/meledek

Nuduhkeun sipat: herang mani ngagenclang/ngagenyas poek mani mongkleng/meredong caang mani ngebrak/mabra ipis mani nyempring kandel mani kedeplik pendek mani pacekrek panjang mani ngagebay dede mani ngajegir leutik mani camperenik

Pakeman Basa Pakeman Basa maksudna wangunan basa anu husus tur mandiri sarta harti nu dikandungna henteu bisa ditapsirkeun sajalantrahna nurutkeun harti tata basa. Nu kaasup pakeman basa di antarana bae: 2.1. Kecap Kiasan, contona : - Ulah resep ngarojokan nu pasea - Tukang dagang teh nekuk pisan - Ulah sok meunggaskeun harepan batur 2.2. Babasan, nya eta ucapan matok nu dipake dina harti injeuman Contona babasan : - ceuli lentaheun - hampang birit - leuleus awak 2.3. Paribasa, nya eta ucapan matok, saeutik patri, nu mangrupa siloka lakuning hirup, (pituah, piluangeun jsb) Contona : - Anjing ngagogogan kalong - Pagiri-giri calik, pagirang-girang tampian - Elmu tungtut dunya siar ...jsb.

"Sanaos artos salomari ,mobil na merci model kiwari ,moal matak walagri ,upami hate nyeri ,tapi najan jadi tukang meri ,mobil na cukup ku damri ,baju nu taun kamari ,tapi ari iman patri bari nyantri ,bersih ati sanubari ,caang siga matahari ,pasti tiasa seuri .Saeutik tapi patri , sauted tapi nyangked kiwari lain kamari, tapi ayeuna ! Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekeul naratas jalan sangkan lolongrang, teu katutupan kamari nu can pasti, tong di jadi keun nyungkeulit ati ! Nu tuluyna jadi hoream pikeun ngahontal kahayang gagal lain hartina leungit akal tapi kudu nyiar jalan pikeun menggaskeun sakabeh rurungrang nu ngahalangan jalan. Sing percaya kana diri nu dianti pasti ngawujud bukti, asal usaha jeung percaya kanu maha suci !: NGARAN POE DINA KALA SUNDA : Radite = minggu, Soma = senen, Anggara = salasa, Buda = rebo, Respati = Kemis, Sukra = jumaah, Tumpek = saptu, TUJUH anu kudu dipilampah dina kahirupan sapopoena pikeun Ki Sunda nyaeta : 1. JEMBAR DINA SABAR; Ngandung hartos yen Ki sunda keudah ngagaduhan kasabaran anu iklas datangna tina ati Sanubari ulah rek geuneuk maleukmeuk, kalayan tawakal ka Hyang Maha Tungal ( Tuhan Yang Maha Esa ) sareng daek ihtiar.....

2. BEAR DINA BUDI ; Ngandung hartos yen ki Sunda kedah tetep ramah tamah sopan santun nete taraje nincak hambalan leuleus jeujeur liat tali malapah gedang dina cumarosna ulah arek adigung adiguna/ sombong ujub ria takabur,teu weleh kudu hormat ka Sasama..

3.SURTI DINA HARTI ; Ngandung hatos yen Ki Sunda kedah surti ati-ati sareng taliti kana naon nu di ucapkeun sababna naon nu di ucapkeun ku Ki Sunda kedah sami sareng nu di lampahkeun mun nyiduh sa crotna ngadek sa kecekna ,nilas sa keplasna hartosan entong arek asa-asa panceg dina hiji Pamadegan /ulah unggek ka linduan ulah rek endag ka anginan kalayan ulah arek bohong....

4.WASPADA DINA PERMANA; Ngandung hartos lain awasna mata tapi awasna rasa ari awasna rasa nyaeta nyaho kana sabab jeung akibat..contona upami urang maling mun kapendak ku polisi matak di tangkep kalayan dipenjarakeun mun kapendak ku masyrakat matak digebugan matak babak belur, atuh maling teh entong da matak cilaka kalayan ngarugikeun nusanes da urang oge pan alim dirugikeun,.mun urang diteunggeul ku batur karasana nyeri atuh urang oge ulah arek tunggal teunggeul kasasama hirup, da karasana nyeuri tah eta upami saur sepuhmah tiasa debat oge NGAJI RASA SARENG NGAJI DIRI tiasa ngarasakeun rasa perasaan nu sanes...

5. TEUNEUNG DINA LUDEUNG ; Ngandung hartos yen Ki Sunda arek indit kamana wae atanpi dimana wae ayana mun urang boga itikad/niat hade kalayan dibarengan ku laku lampah anu hade jeung sasama hirup...mun tiasamah ulah arek carekeun batur, entong hariwang da tinangtu bakal pinanggih sareng kasalametan....

6.TANDANG DINA KAMELANG ; Ngandung hartos mun urang ngarasa hariwang dina milampah hiji pagawen lakukeun ku sorangan sabisa-bisa kamampuan urang sorangan ulah rek maksakeun tapi lamun urang jadi Pamingpin ulah ngan saukur diuk di korsi gading bentik curuk balas nunjuk capetang balas miwarang haok kadua gaplok tapi kudu terjun langsung ka rahayat ngadengnge langsung pangabutuh Rahayatna sarendeuk saigeul jeung Rahayatna dina ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagarana supaya sarua di majajarana sajajar antara rahayat jeung Pamingpina ulah ngan saukur ngdenge laporan ti bawahan...

7. BELAPATI DINA TUNGGRA ; Ngandung hartos yen Ki Sunda Kudu daek ihtiar Usaha Tarekah pikeun ngabelaan diri dina sagala widangna supaya ngajadikeun diri urang salamet lahir tumakaning batina, contona mun urang lapar pan kudu dahar ari dahar teh sanguna pan kudu di ihtiaran moal datang soranagan..lamun pikeun pamarentahan hartosna bela pati dina tunggara yen para Paminggpin mudu bisa usaha ihtiar tarekah pikeun ngamakmurkeun Rahayatna lain jang dirina Pribadi da moal aya Paminggpin Mun teu aya Nu di Pingpina ( Rahayatna )

peuting ieu, peuting nu urang, peuting isuk, biheung urang panggih deui, hayu urang pudalkeun deudeuh asih urang, ka peuting nu simpe jemling. cag.. Ieu kidung ngalanglaung Binarung pidu’a indung Nya indung anu ngakandung Ku hidep kudu dipunjung Sabab kanyaahna luhung Luhur batan awang-uwung Taya waktu nu kalarung Dugi ka dirurub padung

Bapa mah anu ngayuga Anu mayungan lir méga Tur salawasna sayaga Kana pancén nu kaduga Ku hidep kudu dijaga Raksa duduga prayoga Sangkan pinanggih jamuga Dibukakeun lawang sorga

Back to posts
Comments:
[2016-11-09 23:45] emmany :

Wilujeng siang,
Ulah anjeun kudu an injeuman urgent pikeun ngajawab kaperluan finansial Anjeun, nyadiakeun injeuman
mimitian ti $ 3,000.00 ka $ 1000,000.00 Max, urang dipercaya, efisien,
saum sareng dinamis, jeung 100% dijamin injeuman ogé méré (euro, pon kitu
jeung dollar.) laju interest lumaku ka sadaya gajian geus (3%), lamun
museurkeun meunangkeun deui ka urang.
ngaliwatan (Geepeeloanfirm@gmail.com): Services disadiakeun di antarana:
* Pamutahiran Home
* Gajian manggih
* Konsolidasi Debt injeuman
* Gajian Business
* Gajian Personal.
kontak urang ayeuna jeung urang bungah pikeun ngalakukeun usaha jeung urang
email: Geepeeloanfirm@gmail.com

[2016-01-29 18:30] Mr. Sym Inc :

He'eh naha jadi si opix

[2016-01-17 05:02] Ibu Nora :

Anjeun kudu an injeuman urgent? anjeun dina utang? anjeun kudu injeuman urgent pikeun ngabiayaan Anjeun bisnis ?, geus geus nolak ku bank Anjeun, salempang teu leuwih, Services urang nu Gancang, Mudah & gajian aman ayeuna dina kaayaan naon bae. Nginjeum nepi ka $ 2.000 - $ 1,000.000 Dinten! Contact us gaduh leuwih seueur inpo injeuman di email ieu: noramildred.loan@hotmail.com

Catetan: Anjeun bakal ngaharepkeun jawaban penyisihan jeung babak waragad dina waktu 24 jam

Wasalam.
Ibu Nora


UNDER MAINTENANCE
Hai Sob !... Mohon Do'akan saya agar mendapat taopek serta hidayah yang menujukan kejalan yang benar, minta do'a agar saya cepat sembuh dari penyakit semua yang ada dalam tubuh ini 1 x lagi Do'anya sob semoga saya mendapatkan ilmu yang manfa'at dunya dan akhirat.
buat yang telah berkunjung ke wap media ini berilah komentar untk menujukan ke SOLIDARITASAN ente. Ane senang jika ada orang mau ber silaturahmi dan saling mengenalkan diri agar lebih dekat menjalin kekeluargaan

Intip scrip Tes script Free domain My Freenom Afraid Mail com Daptar Gmail MD5 Encryption kode html kode warna html down tex Tampilan PC pake HP

Translate This Blog
inggris.png jepang.png arab.png italia.png korea.png spanyol.png
U-ON
C-STAT
® insffo@gmail.com
© Mr. syamsul faroh
Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh Syamsul Faroh